Kamis, 16 Maret 2017

Jalan Kahirupan Pikeun Geusan Pangbalikan




Hapunten pami sikep nu Basajan ieu janten pikahariwangeun
Hapunten oge pami patekadan milih hirup Basajan matak pikawatireun
Hapunten pami pilihan jalan hirup nu teu sami jeung nu sejenna matak pikarunyaeun

Teu kudu hariwang, teu kudu watir jeung teu kudu karunya. Pilihan ieu tos janten patekadan kuring duaan dina ngajalanan hirup, pikeun ngahontal nu jadi impian ti baheula, jauh saacan kuring duaan diamprokkeun dina jatukrami.
Mun ayeuna kuring duaan leuwih milih beda jeung nu sejenna, lain berarti kuring bener-bener teu mampu sarua jeung nu sejenna. Meureun mun maksakeunmah, bisa. Ngan, aya sabaraha hal anu kudu di korbankeun, khususna waktu, pikiran, tanaga, jeung kasehatan.

Jalan hirup Basajan dipilih, taya lain nyaeta impian kuring duaan sangkan bisa hirup jeung ngahirupan. Naon ari Basajan teh? Kuring duaan oge keur diajar. Nya sabisa-bisa we ngajalankeun hirup nu saluyu jeung kabutuhan, boh kabutuhan nu sipatna spiritual atawa material.

Lainna kuring duaan teu butuh materi, da tetep ari balanja jeung mayar listrikmah nganggo artos. Ngan Basajan nu dipimaksud, nya sabisa-bisa mun dina katuangan, teu tuksel meseran jeung jajan. Atuh meureun mun nyayogikeun dirorompokmah, anu biasana saharga duaaneun tiasa kanggo limaaneun. Komo mun bahan-bahanna dipelak atawa dipiara nyaliramah, atuh meureun teu tergantung teuing kana harga pasar.

Conto kaduana dina papakean, sabisa-bisa ngajait sorangan. Atuh meureun moal tergantung teuing kana merk jeung usum-usuman, leuwih payus jeung merenah ngangge raksukan anu didamel nyalira. Komo nepika bisa mangjaitkeun raksukan jang nu sejenna, atuh meureun lumayan nambah-nambah kagiatan jeung panghasilan.

Conto katiluna dina rarangkenan, tos janten patekadan kuring duaan sabisa-bisa teu ngagunakeun rarangken anu dicandakna nu kudu ngaruksak bumi. Tos cekap kapungkur pas direremokeun ngangge maskawin emas, pedah harita nuju acan kaemut yen geuning kanggo majuangkeun sa gramna emas teh aya nyawa nu kakorbankeun, gunung anu digali, walungan anu dikiruhan. Salian ti eta, emas nyaeta salah sahiji logam mulia nu jadi ciri kamewahan. Tah alesan eta nu matak inggis ka kuring duaan.

Nu kaopat dina babandaan ge kadang jadi pikawatireun. Sabisa-bisa babanda produk lokal. Sok sanajan cenah kualitasna teu kajamin, gampang ruksak, antukna sering ngaganti. Teu nanaon, keun nu sanes pami bade meser produk deungeun nu kualitasna no hiji mangga teh teuing. Kuring duaan mah sabisa-bisa ngagunakeun produk lokal heula, komo mun nu icalanna ditanggungmah atawa tipasar tradisional. Mun sakirana bangsa urang acan bisa nyiptakeun barang anu di butuhkeun, nya wayahna we hiji dua mah ngangge produk deungeun.

Conto lain nu jadi pikahariwangeun nusejenna nyaeta teu bisa lepas ku Si Banteng. Tong di tingali pisikna nu kuleuheu jeung arucutan. Tapi baktina nu satia nganganteur boh di dayeuh, lemur atawa gunung. Meureun mun maksakeun ngiriditmah bisa, tapi salila Si Banteng jagjag waringkas, komo merenah pisan kanu ngabonceng jeung diboncengna, naha kudu maksakeun diganti ku nu lain.

Mun sakirana hariwang kana pola pikir kuring duaan, nu kudu dihariwangkeunmah nu katingalina gaya tapi sok ngeluh luh lah wae.
Mun sakirana watir kana masa depan kuring duaan, nu kudu diwatirkeunmah nu katingalina sagala herang, sagala dipake tapi masih kiriditan.

Tekad kuring duaan, sok sanajan hirup basajan, tapi hate tenang. Teu kudu nguruskeun tuntutan gagayaan nu usum-usuman, jeung teu kudu musingkeun kiriditan. Lainna usaha tidugdug teh tungtungnamah jang kenyamanan jeung hiburan? Tah kuring duaan mah, diajar hirup nyaman ti ayeuna, hiburan ti ayeuna, liburan ti ayeuna. Lainna euweuh kahayang, tapi kahayang kuring duaan hirup Basajan. Tapi tetep, ikhtiar jeung motekarmah kudu, jang nyaimbangkeun supaya tetep bisa hirup dina huripna.


Tong ditingal tina panampilan kuring duaan nu Basajan, tapi kabagjaan teh bisa dihontal ku cara Basajan


Selasa, 24 Januari 2017

Table Manner jeung Ngampar Samak

“Kalau makan itu biasakan di meja makan, tidak bisa senaknya, ada aturannya sendiri.” 
“ Sebagai perempuan yang beretika, harus belajar Table Manner.


Ungkapan-ungkapan diatas sudah biasa terjadi negara kita, mungkin agar terkesan berkepribadian, beretika atau memiliki tata krama.

Table Manner merupakan aturan yang harus dilakukan saat bersantap bersama di meja makan. Etika makan diperkenalkan oleh bangsa Eropa yang merupakan aturan standar terutama saat bersantap bersama-sama di sebuah acara resmi atau acara makan bersama di keluarga besar. Meskipun sebenarnya Etika tersebut telah ada jauh sebelum peradaban Eropa menyebar ke seluruh dunia.Untuk lebih jelasnya bisa di lihat di http://www.caramakan.com/2014/08/Tata-Cara-Makan-Table-Manner.html.

Beberapa orang dari kalangan tertentu di negeri ini, akan merasa keren ketika sudah menguasai Table Manner. Beberapa pelatihan baik itu gratis maupun berbayar, mereka ikuti. Seperti halnya pada kalangan keluarga bangsawan, keluarga menengah ke atas, lingkungan perkantoran ataupun instansi bahkan pemerintahan. Tata Cara Makan pun harus mengikuti prosedur Table Manner, karena hal tersebut sudah merupakan standar internasional. Di beberapa negara, seperti yang terdapat pada situs http://www.caramakan.com/2014/08/Tata-Cara-Makan-Table-Manner.html. yaitu Amerika, Inggris, Cina, India, Korea, Jepang, Jerman memiliki aturan tersendiri dalam hal Tata Cara Makan. Bagaimana dengan negara kita, Indonesia? Apakah punya standar sendiri seperti negara lainnya?

Sejauh yang saya tahu, dan kebanyakan kurang tahu atau kuper, alias ku’uleun dan kurung batokeun, pada dasarnya Table Manner di Indonesia sama halnya dengan negara luar khususnya Eropa. Bahkan berbagai pelatihan Table Manner pun standar yang digunakan adalah standar internasional.

Mungkin kita lupa, begitupun saya bahwa di Negara kita khususnya Orang Sunda, Tata Cara Makan sudah diperkenalkan sejak jaman Ema, Bapak, Karuhun kita. Saya menyebutnya Samak Manner atau lebih keren disebut Ngampar Samak. Bukan di meja makan ataupun berdiri seperti yang terjadi saat ini apabila ada hajatan di gedung-gedung, kebun atau lapangan. Orang Sunda ketika makan harus duduk, baik itu beralaskan samak (Tikar/alas duduk) ataupun bisa langsung duduk diatas papan, tanah, ataupun tembok.

Tata cara makan pun harus diperhatikan. Dari mulai sikap, etika sampai cara berpakaian. Pada jaman dalu dan beberapa perkampungan yang sampai saat ini masih mengunakannya, bagi perempuan wajib menggunakan kain samping dan bagi laki-laki menggunakan ikat kepala. Begitupun dengan tata cara duduk, bagi perempuan harus ipet/emok dan bagi laki-laki harus sila. Etika ketika makan pun tidak boleh ceplak (bersuara), piring tidak boleh ditanggeuy (disimpan di atas tangan), tidak boleh ngarongkong (mengambil makanan melewati badan orang lain), tidak boleh teurab (bersendawa) dan banyak lagi yang lainnya.

Tidak hanya di daerah Sunda saja, beberapa suku di Indonesia pun mempunyai cara makan yang beragam dengan pemaknaan yang beragam pula. Bukan untuk kalangan bangsawan ataupun lingkungan kelembagaan saja ketika makan ada tata caranya. Jauh sebelum Table Manner digunakan sebagai standar cara makan yang baik dan benar di Negara kita, para Karuhun, Tetua, Sesepuh dan Nenek Moyang kita sudah menerapkannya dan mengajarkan anak cucunya untuk menggunakan tatakrama dalam hal menyantap makanan. Sebagai contoh, Karuhun Orang Sunda mewariskan Ngampar Samak sebagai tata cara makan yang baik dan sopan.

Disaat berbagai daerah memiliki kekayaan tata cara makan yang beragam, mengapa kita harus menerapkan tata cara makan yang menjadi kebiasaan orang lain (tepatnya Negara orang)? Jawabannya kembali lagi pada pilihan. Apa yang dilihat, dipelajari setiap individu menjadi sebuah keharusan yang dibiasakan, pada akhirnya merupakan sebuah pilihan atas kebutuhan dan kenyamanan masing-masing individu tersebut.

Bukan berarti saya anti pati terhadap tata cara makan dengan standar internasional, sebagai keturunan Sunda pun saya wajib untuk mempelajari dan mengaplikasikan kebiasaan yang diwariskan oleh Karuhun dalam kehidupan keseharian. Sampai saat ini saya masih belajar dan terus belajar.