HAWU
(Pamolahan Sangkuriang, Januari 2018)
Hawu nyaéta tempat mirun seuneu di pawon jeung tara dipindah.
Hawu dijieunna tina
taneuh liket, batu nu ditatah, atawa ditembok.
Babagian Hawu:
·
Liang Hawu nyaéta liang dina tonggong hawu pikeun nagenkeun Sééng,
Katél atawa Langseng.
·
Sungut Hawu bisa oge disebut lawang
hawu nyaéta bagéan Hawu nu diasupan suluh.
·
Catang Hawu bisa ogé disebut Tarang
Hawu, nyaéta bagéan Hawu nu malang luhureun sungut Hawu. Numatak
disebut Catang Hawu angkan Hawu leuwih kuat. Mun di daerah Sukabumi Catang Hawu
sok cipaké ngahaneutkeun asin atawa katuangan nu sejenna.
·
Parako nyaéta dadampar Hawu anu tara teurak ku seuneu. Parako
bisa oge disebut Sayang Hawu.
Biasana hawu diparakoan ditempat-tempat nu hawana tiris nu imahna Panggung.
·
Buruan Hawu nyaéta bagéan Hawu nu dihareup. Sangkan merenahmah buruan hawu nu
pinuh ku lebu, sok dibanjuran pepesan cai. Lila kulila jadi neuasan jeung ngahérangan.
Biasana buruan Hawu sok diberesihan ku Sapu Paré.
·
Pipir Hawu nyaéta babagian Hawu palebah sisi kénca
jeung katuhu. Pipir hawu biasana sok dijadikeun tempat neundeun suluh salian di
paraseuneu,
·
Tukang Hawu babagéan hawu tukangna. Tukang hawu mun legamah sok dipaké
neundeun Katél, Sééng saréngsé popolah.
·
Talawéngkar mangrupakeun sesemplékan talawéngkar sok
dijadikeun pangganjel dina liang hawu.
·
Paraseuneu nyaéta lalangit luhureun Hawu minangka para luhureun Hawu.
Gunana paraseuneu pikeun ngunun suluh baseuh, meuyeum cau, nyieun uyah atawa
gula nahun, Kere lauk atawa daging. Ku kolot baheulamah dina Paraeuneu teh sok
digantungan gajih Domba, Embé atawa Kebo nepika garing. Nalika deuk nyangray sangu,
tingal dikeureut dijadikeun minyakna. rasana gurih seungit kacida.
Ngahurungkeun
seuneu dina Hawu teu sagampang sigah ngahurungkeun kompor, nu tingal nyetrékkeun.
Ngahurungkeun seuneu dina hawu disebut Mirun
Seuneu. Suluhna ogé teu sambarangan. Kudu suluh garing, mun badag kudu
ditampolan heula jeung jinis tangkalna oge teu sambarangan. Aya tatangkalan nu
matak ngebeb, haseupna meledug, aya tatangkalan nu babari béak
mun dibeuleum téh.
Mun
hayang merenah mirun seuneu, éta Hawu kudu sering dipaké,
sangkan nuluy haneut. Nalika deuk ngahurungkeun seuneu tinggal diguarkeun lebuna,
jeung dijerona masih aya ruhakan kénéh.
Mun dina jero Hawu masih aya kénéh tihulan, neurakkeun seuneuna cekap ditiup ko Songsong.
Tihul mangrupa suluh sésa anu masih bisa dipaké.
Béda deui lamun ngahurungkeun seuneuna maké
paneurak. Cekap abuskeun paneurakna bari diseuneuan, tuluy abuskeun kana Sungut
Hawu. Paneurak pikeun mirun seuneu bisa tina sesebétan
suluh, kalakay, panyerutan awi, kararas atawa baralak. Sanggeus paneurakna
hurung tuluy abuskeun suluhna. Mun nyuluhan hawu kudu ku congona.
Suluh sesa seuneu nu teu jadi lebu warnana hideung disebut
areng. bubuk ruhak sesa seuneu, bubuk areng anu lembut pisan samodel tipung
ngaranna lebu. Mun suluh geus hurung omat ulah poho ngasurkeun sangkan terus
ngagedur hurung seuneuna. Mun sakirana kapohoan teu diasurkeun suluhna, kudu
diguarkeun laju tiupan ku songsong, atawa bisa oge digeber ku hihid. Omat niup
jeung ngagaberna tong tarik teuing, bisi lebuna kakaluar. Seuneu hurungna aya
nu ngagudag-gudag, ngagedag, ngagebur,
ngagedur, melempem, jeung meledug ku haseup.
Babasan jeung paribasan ngeunaan Hawu:
·
Ditunggu
ku hawu: didagoan rek diasakan di hawuupamana ngejo,,,tingali pasak, pamasakan
·
Seuseuneuan:
digawe dipipir hawu wae
·
Nyoo
seuneu: ngorek seuneu nu keur hurung di hawu
·
Paseuneuan
: tempat ngahurungkeun seuneu di saung
·
Hawu
rempu: hawu ambruk
Jangjawokan hawu:
rajah kayu rajah
batu, rajah jagat rajah lemah,
rajah kalakai
salembar
ha…h…punah ku raja
pamunah