Hapunten pami sikep nu Basajan ieu janten pikahariwangeun
Hapunten oge pami patekadan milih hirup Basajan matak pikawatireun
Hapunten pami pilihan jalan hirup nu teu sami
jeung nu sejenna matak pikarunyaeun
Teu kudu hariwang, teu kudu watir jeung teu
kudu karunya. Pilihan ieu tos janten patekadan kuring duaan dina ngajalanan
hirup, pikeun ngahontal nu jadi impian ti baheula, jauh saacan kuring duaan
diamprokkeun dina jatukrami.
Mun ayeuna kuring duaan leuwih milih beda jeung
nu sejenna, lain berarti kuring bener-bener teu mampu sarua jeung nu sejenna.
Meureun mun maksakeunmah, bisa. Ngan,
aya sabaraha hal anu kudu di korbankeun, khususna waktu, pikiran, tanaga, jeung
kasehatan.
Jalan hirup Basajan dipilih, taya lain nyaeta impian
kuring duaan sangkan bisa hirup jeung ngahirupan. Naon ari Basajan teh? Kuring duaan oge keur diajar. Nya
sabisa-bisa we ngajalankeun hirup nu saluyu jeung kabutuhan, boh kabutuhan nu
sipatna spiritual atawa material.
Lainna kuring duaan teu butuh materi, da tetep
ari balanja jeung mayar listrikmah nganggo artos. Ngan Basajan nu dipimaksud, nya sabisa-bisa mun
dina katuangan, teu tuksel meseran jeung jajan. Atuh meureun mun nyayogikeun
dirorompokmah, anu biasana saharga duaaneun tiasa kanggo limaaneun. Komo mun
bahan-bahanna dipelak atawa dipiara nyaliramah, atuh meureun teu tergantung
teuing kana harga pasar.
Conto kaduana dina papakean, sabisa-bisa
ngajait sorangan. Atuh meureun moal tergantung teuing kana merk jeung
usum-usuman, leuwih payus jeung merenah ngangge raksukan anu didamel nyalira.
Komo nepika bisa mangjaitkeun raksukan jang nu sejenna, atuh meureun lumayan
nambah-nambah kagiatan jeung panghasilan.
Conto katiluna dina rarangkenan, tos janten
patekadan kuring duaan sabisa-bisa teu ngagunakeun rarangken anu dicandakna nu
kudu ngaruksak bumi. Tos cekap kapungkur pas direremokeun ngangge maskawin
emas, pedah harita nuju acan kaemut yen geuning kanggo majuangkeun sa gramna
emas teh aya nyawa nu kakorbankeun, gunung anu digali, walungan anu dikiruhan.
Salian ti eta, emas nyaeta salah sahiji logam mulia nu jadi ciri kamewahan. Tah
alesan eta nu matak inggis ka kuring duaan.
Nu kaopat dina babandaan ge kadang jadi
pikawatireun. Sabisa-bisa babanda produk lokal. Sok sanajan cenah kualitasna
teu kajamin, gampang ruksak, antukna sering ngaganti. Teu nanaon, keun nu sanes
pami bade meser produk deungeun nu kualitasna no hiji mangga teh teuing. Kuring
duaan mah sabisa-bisa ngagunakeun produk lokal heula, komo mun nu icalanna
ditanggungmah atawa tipasar tradisional. Mun sakirana bangsa urang acan bisa
nyiptakeun barang anu di butuhkeun, nya wayahna we hiji dua mah ngangge produk
deungeun.
Conto lain nu jadi pikahariwangeun nusejenna
nyaeta teu bisa lepas ku Si Banteng. Tong di tingali pisikna nu kuleuheu jeung
arucutan. Tapi baktina nu satia nganganteur boh di dayeuh, lemur atawa gunung.
Meureun mun maksakeun ngiriditmah bisa, tapi salila Si Banteng jagjag
waringkas, komo merenah pisan kanu ngabonceng jeung diboncengna, naha kudu
maksakeun diganti ku nu lain.
Mun sakirana hariwang kana pola pikir kuring
duaan, nu kudu dihariwangkeunmah nu katingalina gaya tapi sok ngeluh luh lah
wae.
Mun sakirana watir kana masa depan kuring
duaan, nu kudu diwatirkeunmah nu katingalina sagala herang, sagala dipake tapi
masih kiriditan.
Tekad kuring duaan, sok sanajan hirup basajan,
tapi hate tenang. Teu kudu nguruskeun tuntutan gagayaan nu usum-usuman, jeung
teu kudu musingkeun kiriditan. Lainna usaha tidugdug teh tungtungnamah jang
kenyamanan jeung hiburan? Tah kuring duaan mah, diajar hirup nyaman ti ayeuna,
hiburan ti ayeuna, liburan ti ayeuna. Lainna euweuh kahayang, tapi kahayang
kuring duaan hirup Basajan.
Tapi tetep, ikhtiar jeung motekarmah kudu, jang nyaimbangkeun supaya tetep bisa
hirup dina huripna.
Tong ditingal tina panampilan kuring duaan nu Basajan, tapi kabagjaan teh
bisa dihontal ku cara Basajan
